Blog ini
Di-link Dari Sini
Web
Blog ini
Di-link Dari Sini
Web
Pancawédani
yadi cahyadi n
Sanghyang Sasana Maha Guru (SSMG) mangrupa téks Sunda kuna nu kawilang penting pikeun urang Sunda, ku sabab di jerona euyeub ku ajaran kaagamaan masarakat Sunda dina abad ka-16. Teu kurang ti 48 konsép kaagamaan nu diagem ku urang Sunda mangsa saméméh Islam sakumaha nu kaunggel dina SSMG téh. Ti mimiti Cupumanik édisi ayeuna, bagian-bagian dina SSMG téh baris dideres ti awal nepi ka ahir, pikeun méré lolongkrang guneman diskusi nu leuwih jembar.
Bagian awal SSMG dimimitian ku pedaran ngeunaan pañcawédani. Pancawédani téh mangrupa jalan pikeun manusa enggoning mersihkeun jiwana tina rupa-rupa pangaruh goréng. Nu jadi jalan pikeun nyucikeun jiwana téh suméndér kana lima perkara, nyaéta bwah (hasil), paksa (maksud), huning (pangaweruh), temen (enya-enya), jeung daék (kahayang) nu teu kapalang. Saenyana lima perkara ieu geus jadi poténsi dasar manusa. Dina ieu bab, pañcawédani téh dibéjér béaskeun deui kekecapanana. Pañca hartina lima, wé hartina cai, jeung dani hartina sapu nyéré.
Cai jeung sapu nyéré dianggap bisa dijieun sarana pikeun ngabersihkeun. Kapan cai nepi ka kiwari dipaké pikeun mandi mersihan awak. Sapu nyéré ogé sok dipaké pikeun mersihkeun runtah di buruan. Dina téks-téks Sunda kuna, kaayaan bersih haté mindeng dibandingkeun jeung kaayaan buruan nu geus disapukeun. Sanggeus nyieun arca, Bujangga Manik nuluykeun puja nyapu, tepak deku muja ka nu kawasa mersihkeun pikiran jeung haténa.
Anggeus aing puja nyapu,
linyih beunang aing nyapu,
kumacacang di buruan.
(Bujangga Manik 1292-1294)
Sangkan bisa ngabersihan jiwana, sang séwaka darma kudu bisa ngungkab tur ngamangpaatkeun poténsi dirina. Ngaguar poténsi diri téh bisa ku cara ningali sabudeureun alam. Manusa ngalaman prosés diajar ngaliwatan interaksi jeung alamna.
Bwah (hasil) téh salasahiji poténsi nu aya dina diri manusa. Lir ibarat dunya, nu teu ingkah sanajan dikakaya ku manusa tetep ngamalkeun pancénna. Hasil gé teu bina ti kitu, moal obah najan diganggu ku rupa-rupa perkara, gumantung kana tékad jeung ngalaksanakeun tékadna téa.
Paksa (maksud) manusa kudu kawas cai, mangpaatna bisa kaala saupama bijil ti huluna, tina sirah cai nu can kalimpudan ku kokotor. Tujuan manusa kudu bersih wening kawas cai ti mimiti migawé hiji hal nepi ka réngséna lir ibarat kamalirna cai nu tetep hérang ti sirahna nepi ka ngamuara di sagara.
Huning (pangaweruh) téh kudu saperti angin, nu bijilna ti béh kulon. Angin nu datangna ti béh kulon sok disebut ogé angin musim barat, nyaéta angin nu mawa berkah hujan ti bulan Désémber nepi ka Februari. Manusa nu huning hartina geus mampuh méré pangaweruh nu mangpaat pikeun jalma-jalma sabudeureunana.
Temen (enya-enya) téh dipapandékeun kana seuneu jeung ganggaman (pakarang). Seuneu mangrupa élemen nu kuat pikeun nyieun pakarang. Pakarang nu dipeupeuh jadi simbol kadariaan pandayna.
Daék (kahayang) nu henteu kapalang téh dipapandékeun jeung panon poé nu salawasna medal ti béh wétan. Sanajan kapindingan halimun atawa méga nu ceudeum tetep pengkuh nyumponan kawajibanana ku sabab kasadaranana kana pancén.
Bagian 1 - Pañcawédani
Téks:
Ndeh Sanghya(ng) Sasana Maha Guru ngaran sanghyang pustaka. Sasana ma ngaranya urut nu ti heula. Maha ma nu leuwih ti leuwih, tina dunya. Guru ma [ma] ngara(n)na puhun nikang rat kabéh.
Hana upadyanta kadya(ng)ga ning manik kanarga, lawan manik sawéstra. Yéka puhuning suka duka, hala hayu. Byaktanya nihan: Bwah paksa, huning t(e)men, daék mwa kapalang.
Kalinganya: bwah ma sanghya(ng) pratiwi, basana dipahayu, diturunkeu(n), ditaék(k)eun, dicamahan, dicampuran, hanteu susut hanteu pu(n)dung hanteu geurah hanteu bijah, keu[deu]deung deung langgeng ngawakan na kapratiwian. Iya kéh! Éta na awak(eu)neun sang séwaka darma.
Paksa ma cai, alaeunana ma, basana biji[h]l ti huluna. Téka bwar hérang tiis rasana. Geus ma hanteu kawurungan, teka ri sagara. Sa/4v/kitu na turutk(eu)neun sang séwaka darma.
Huning ma ngaran angin, alaeunana ma, basana m(e)tu ti barat, téka hir tiis, leuleus datangna ka awak urang. Geus ma hanteu kawurunganan, basana bijil medeng di bwana. Sakitu na turutk(eu)neun, ku sang séwaka darma.
T(e)men ta ma ngaraning ka apuy deungeun ga(ng)gaman. Ti iña éta dipipakeunnakeun ku nu réya, ku geui(ng) na temen.
Daék éka ma ngaranya, Sanghyang Aditya, basana m(e)tu ti bwana wétan, hanteu kawurunganan, ku méga ku hujan, (ku) kukus ku sanghub, teka ri(ng) kulwan, ku geui(ng) éka laksana. Kitu kéh na turutk(eu)neun, ku sang séwaka darma. Mulah mwa iyatna-yatna di Sanghya(ng) Pasangkanan. Nihan sina(ng)guh pañcawédani ngaranya. Panca /5v/ ma watek lima, wé ma cai, dani ma sapu ñéré.
Tarjamahan:
Nya ieu pustaka suci Sanghyang Sasana Maha Guru téh. Sasana hartina titinggal ti nu ti heula. Maha hartina nu leuwih ti nu leuwih, ti (saamparan) dunia. Guru hartina sumber pikeun sakumna manusa.
Aya jalan tindakan nu kudu dituturkeun ku anjeun, nu dipapandékeun jeung perhiasan mutiara, ogé mutiara nu moncorong. Nya éta wiwitan tina kaayaan suka jeung dukana, cilaka jeung salametna. Ieu écésna mah: hasil maksud, mikaweruh enya-enya, daék hanteu kapalang.
Maksudna: bwah (hasil) téh bumi nu suci, nalika disalametkeun, diturunkeun, ditaékkeun, dikotoran, dicampuran, hanteu tisusut hanteu pundung hanteu motah hanteu ingkah, sakeudeung jeung salawasna ngamalkeun kapratiwian (aturan kaduniawian). Enya kitu! Éta nu kudu diamalkeun ku nu ngabdi kana darma (hukum).
Paksa (maksud) téh nyaéta cai, alaeunana mah nalika bijil ti huluna. Karasa ngamalir hérang tur tiis. Jeungna hanteu kahalangan nepi ka sagara. Sakitu nu kudu diturut ku nu ngabdi kana darma (hukum).
Huning (pangaweruh) mah nyaéta angin, alaeunana mah, basa bijil ti kulon, karasa ngahiliwir tiis, leuleus nebak awak urang. Jeungna hanteu kahalangan, nalika bijil di alam dunia. Sakitu nu kudu diturut ku nu ngabdi kana darma.
Temen (enya-enya) téh nyaéta seuneu jeung ganggaman. Nya ti dinya nu matak dimangpaatkeun ku jalma réa, ku nu pikiranna soson-soson.
Daék (kahayang) mah nyaéta panon poé, nalika medal ti buana béh wétan, hanteu kahalangan, ku méga ku hujan, ku haseup jeung halimun, nepi ka (surup) di béh kulon, ku sabab kasadaran kana hiji lampah. Sakitu nu kudu diturut, ku nu ngabdi kana darma. Mangka jeung iyatna kana Sanghyang Pasangkanan (Ajaran Awal). Nya ieu nu disebut pañcawédani téh. Panca hartina watek lima, wé hartina cai, dani hartina sapu nyéré.
Kabeungharan Kecap
• ndeh ‘tah!’ (kecap panyeluk) = JwK
• nihan ‘ieu’ (kecap panuduh) = JwK
• sang hyang ‘suci’ saupama ditempatkeun saméméh kecap barang pikeun nuduhkeun yén éta barang téh suci, ump. – aditya ‘panonpoé suci’, - pasangkanan ‘ajaran wiwitan anu suci’, jst.
• sasana ‘ajaran, doktrin, sarana.’ Dina SSKK sanghyang sasana kreta ‘sarana pikeun karaharjaan’.
• maha tina Skt ‘badag, gedé, agung’
• puhun ‘awal, wiwitan, sumber.’ Band. Mal. Pohon. Di baduy pupuhu kaagamaan disebut puun. ngandung ogé harti séjén ‘emang (adi indung atawa bapa)’ dina teks Para Putera Rama jeung Rawana.
• kadyangga = kadi + anggan ‘minangka, lir ibarat’. JwK ‘id.’
• rat ‘manusa, jalma’
• upadyanta = upadéya –nta ‘jalan tindakan nu kudu dituturkeun –ku anjeun’ = JwK (Z 1337)
• manik ‘mutiara’
• kanarga tina kana (Skt kangkana) ‘perhiasan dina leungeun up. gelang, cingcin’ jeung arga ‘ajen, harga’ atawa ‘gunung’. Manik kanarga = perhiasan nu hargaan, perhiasan nu ajénan.
• sawéstra = tina sawé (JwK) ngalaya. manik sawéstra = manik nu ngalayah
• hala ‘cilaka, mamala’ = JwK
• hayu ‘salamet’, band. SdM rahayu ‘id.’ = JwK. dipahayu = dijieun jadi hayu = dijieun jadi salamet = ‘disalametkeun’
• byakta ‘écés, jéntré’ = JwK
• bwah ‘hasil’ = SdM & JwK buah
• paksa ‘tujuan, maksud, bisa ogé kahayang nu kuat’ = JwK. Dina SdM paksa, maksa ‘ngarahkeun (batur) pikeun migawé luyu jeung kahayang subjék’
• huning ‘mikanyaho, mikaweruh’. Band. SdM uninga.
• temen ‘enyaan, enya-enya’ = JwM.
• kalinganya = ka + ling +-an + -iya. ling ‘ucap’ = JwK, kalinganya = ‘maksud tina ucapan’
• pratiwi Skt ‘bumi’, sanghyang pratiwi ‘bumi nu suci’
• dicamahan = dijieun jadi camah = dijieun jadi rujit = ‘dirurujit’
• susut ‘labuh’ band. SdM tisusut
• geurah dina SdM ‘gumbira, suka bungah’, dina konteks kalimah jigana nuduhkeun harti ‘kaayaan motah’.
• bijah ‘motah, mijah’ dina SdM ngan dipikawanoh wangun rarangkén nasal mijah ‘id.’
• téka = ta + ika = nya éta = JwK
• bwar = bor, dina SdM nu dipikawanoh kecap balobor. Jigana parobahan tina bor + ‘rajékan dwi purwa’ bobor + infiks -al- = balobor, mangrupa kecap panganteur pagawéan pikeun nu ngamalir, ump. cai, getih, késang, jst.
• geus ma ‘anggeus mah, jeungna’
• kawurungan = ka- + wurung + -an = ka + batal + an = kahalangan.
• teka = nepi ka. Ulah pahili jeung téka (tina ta + ika) ‘nyaéta’
• ri = di, ka (kecap pangantét) = JwK
• séwaka darma = sebutan pikeun nu ngabdi kana tugas (hukum)na di alam dunia.
• hir = SdM hiliwir. Kecap panganteur pikeun angin.
• medeng tina sedeng + n- ‘meujeuhna’
• apuy ‘seuneu’. SdM parupuyan jigana mangrupa obahan tina apuy+ pa-an -> paapuyan -> parupuyan.
• ganggaman ‘sanjata, pakarang’
• dipipakeunakeun = dipi – + pikeun + na + keun = ‘di(pigawé) pikeun’
• nu réya ‘jalma réa’
• geuing ‘kasadaran, pikiran’
• Sanghyang Aditya ‘panon poé’
• kukus ‘haseup, kabut’
• sanghub ‘halimun’ JwK
• mulah mwa ‘ulah hanteu, kudu’
• iyatna-yatna ‘merhatikeun enya-enya’
• sanghyang pasangkanan ‘ajaran wiwitan, ajaran awal’
• pañcawédani ‘lima jalan pikeun mersihkeun jiwa’
• wé ‘cai’ = JwK
• dani ‘jadi caang, lénglang, béngras’ = JwK. Dina téks mah dipapandékeun jeung sapu nyéré, nu sapopoé dipaké alat pikeun mersihkeun runtah.
Kat:
Band = Bandingkeun, id. = idem, JwK = Jawa Kuna, JwM = Jawa Modéren, Mal = Malayu, SdM = Sunda Modéren, Skt = Sangskreta
Dimuat dina Cupumanik Bulan Mei taun 2010
Selengkapnya......
Diposting ku Urang Naskah 0 komentar
Label: Artikel
Kawih dina Naskah Sunda Kuna
Aditia Gunawan
Kataji pisan maca tulisan Mang Nano. S (ngaemangkeun baé nya, siga ka Mang Koko) nu dimuat dina Cupumanik édisi 78 No. 6 Januari 2010 nu dijudulan ‘Uyuhan Sakieu Gé’. Idé tulisan Mang Nano sanggeus maca buku Semangat Baru beunangna Mikihiro Moriyama (2005). Dina kateranganana, sajeroning maca téh susuganan anjeunna manggihan informasi ngeunaan lalaguan Sunda. Aya kahanjakal ti Mang Nano, nalika Mikihiro nyieun babandingan antara kawih jeung tembang. Éta cenah, pédah conto nu diasongkeun keur kawih téh nyaéta kawih-kawih kabéhdieukeun, nepi ka Miki boga kacindekan nu sarua jeung Van Zanten, yén kawih leuwih basajan batan tembang. Ieu cenah nu ceuk Mang Nano perelu dibuktikeun deui téh.
Peun lebah dinya mah, moal papanjangan. Nu rék dijieun pamiangan nu nulis pikeun ngabuktikeun naha enya kawih leuwih basajan batan tembang nyaéta tina naskah Sunda kuna (NSK) baé. Pangna kitu, taya lian, da asa saéta-étana nu sakurang-kurangna katalingakeun ku nu nulis. Kaduana, niat nuturkeun alur pikiran Mang Nano baé, anu ngarasa hanjakal kusabab babandingan Miki ngan dina kawih kadieunakeun baé lain kawih nu leuwih buhun sakumaha nu kaunggel dina Sanghyang Siksa Kandang Karesian (SSKK).
Kawih dina Naskah Sunda Kuna
Dina bagian ka-9 naskah lontar koropak 621, nu dijudulan Sanghyang Sasana Maha Guru (SSMG), kaunggel konsép ngeunaan caturupaya. Ieu bab téh dimimitian ku siloka dina basa Sangskreta:
‘alékiem sitem getem, jrebanem kadaranem
Sudem palaharasiem, nakabatéh guru mwatéh’ (Siloka ka-4)
Teu kaharti puguh ogé, da mémang lain kalimah nu ngaleunjeur sintaksisna, ukur gabungan kecap-kecap Sangskreta (disangskretakeun?) nu dibéjérbéaskeun dina paragraf-paragraf satuluyna. Tegesna, dina paragraf satuluyna dipedar naon anu disebut alékiem, sitem, getem, jrebanem, jsté. Husus dina pedaran ngeunaan getem ditétélakeun kieu:
Getem ngaranya, hanteu ngidung, ngawih, humaleuang, mangka nguni mikwanwakeun manéh bisa, preña wijaksana, di nu réya.
Pihartieunana leuwih kurang kieu:
Nu disebut getem téh, henteu ngidung, ngawih, ngahaleung, sumawonna akon-akon manéh bisa, rumasa wijaksana hareupeun jalma réa.
Tah, éta nu disebut getem. Salasahiji upaya tina opat upaya (caturupaya) nu kudu diupayakeun ku nu ngarabdi kana hukum (darma).
Kecap getem tangtu tina basa Sangskreta gīta nu hartina ‘lalaguan atawa nyanyian’, nu luyu jeung pedaran satuluyna. Dina éta pedaran kapanggih dua kecap nu ngahudang kapanasaran, nyaéta kecap ngidung jeung ngawih. Ngawih kecap asalna tina kawih, nu dina basa Sunda kiwari mah ngarujuk kana istilah ‘sora nu ngandung rumpaka sisindiran, sa’ir, atawa sajak boh kalawan ngagunakeun waditra boh henteu’ (Ensiklopédi Sunda, 2000: 334).
Pananyana, naha kecap kawih dina basa Sunda buhun ogé mibanda harti téknis sakumaha dina basa Sunda kiwari (ngandung metris rumpaka, sarat-sarat wirahma, jsté), lain lalaguan sacara umum? Tangtuna, pikeun ngarumuskeunana perelu ningali sababaraha data nu nyampak, dina ieu perkara mah nya naskah.
Dina koropak 408 (nu dijudulan Séwaka Darma) atra pisan dina padalisan awalna ditulis ‘Ini kawih panyaraman, pikawiheun ubar keueung’. Kawih panyaraman kapan kaasup salasahiji kawih nu dipidangkeun ku paraguna (juru kawih?) sakumaha nu kaunggel dina SSKK.
Hayang nyaho di sakweh ning kawih ma: kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalanguan, kawih panyaraman, kawih sisi(n)diran, kawih pengpeledan, bongbong kaso, pererane, porod eurih, kawih babahanan, kawih ba(ng)barongan, kawih tangtung, kawih sasa(m)batan, kawih igel-igelan; sing sawatek kawih ma, paraguna tanya.
Lain koropak 408 waé nu awalna disebutkeun kalawan teges yén éta karya téh mangrupa kawih. Koropak 615 dina awal téksna oge nyebutkeun yén ‘Ini Kawih Mahanyana, pikawiheun buat mangkuk’, samalah koropak 419 mah dijudulan ‘kawih paningkes atawa kawih panikis’.
Teks-teks Sunda kuna nu ditataan di luhur, sakaterang nu nulis mah, ditulis dina wangun puisi. Dina émprona, upama nyieun transkripsi, umumna bisa dipilah-pilah jadi dalapan engang sapadalisan. Metris puisi dalapan engang bawirasa méré kamungkinan nu gedé pikeun dilisankeun, dipidangkeun, dilagukeun, atawa dikawihkeun.
Tina katerangan di luhur bisa dicindekkeun, yén dina basa Sunda buhun, kawih ogé mangrupa istilah téknis, lain istilah lalaguan sacara umum. Kecap pagawéanna tina kawih nyaéta ngawih (ngalagukeun kawih), tur istilah pikeun jalma nu paham kana kawih disebut paraguna. Wangunna ogé henteu ‘basajan’ (copélna mun dibandingkeun jeung tembang), saupama ningali kanyataan yén téks Kawih Panyaraman (Séwaka Darma), Kawih Mahanyana, jeung Kawih Paningkes, rumpakana paranjang, mibanda fungsi nu béda (pikawiheun ubar keueung, pikawiheun buat mangkuk) tur ngandung eusi nu ragem deuih.
Keun sa deui éta mah, kitu ceuk Mang Nano ogé. Nu jadi kapanasaran deui téh, naha kecap ngidung dina teks SSMG tina kecap kidung dina harti téknis ogé, sakumaha nu harita geus dipikawanoh ku masyarakat Jawa jeung Bali umumna. Kidung dina harti téknis ogé mangrupa lalaguan nu kauger pola metris nu tangtu, turta polana téh méh sarua jeung naon nu ku urang (Sunda) disebut dangding! Éta hal bisa katitén tina ayana karya-karya kidung saperti Kidung Sunda, Kidung Wangbang Widéya, Kidung Rumeksa ing Wengi, jsté. nu diwangun maké patokan pupuh.
Perkara ngaraos seueulna mah, sed saeutik meureun jeung nu karaos ku Mang Nano. Komo narima kanyataan, yén kakara dina abad ka-19, urang Walanda kakara engeuh di Urang (Sunda) horéng boga basa sorangan. Komunikasi ménak nu geus kabawah ku Jawa (Mataram) meureun jadi salasahiji cukang lantaran tina salasaratusna.
Tapi kéla deuih, dihenteu-henteu saméméh Mataram ngabawah ka tatar Sunda, pangaruh basa Jawa (kuna) geus nerekab di Sunda. Copélna mun ningali basa dina naskah Sunda kuna nu geus aya saméméh Mataram. Bujangga Manik sorangan siga nu boga anggapan, yén basa Jawa (kuna) jadi salasahiji simbol kareueus, sabab upama geus ngawasa basa Jawa kuna, hartina weruh dina bab agama. Da risalah buhun kaagamaan réa nu ditulis dina basa Jawa kuna, upamana waé Sang Hyang Hayu (koropak 634, 1523 Maséhi), Serat Déwa Buda (koropak 638, 1435 Maséhi), Bimaswarga (koropak 623). Ceuk Bujangga Manik gé:
‘teher bisa carék Jawa
weruh dina eusi tangtu
aing bisa carék Jawa (baris 327-328)
Tegesna, meureun kajaba ti lingkungan pangagung birokrasi, méméhna ogé dina lingkungan kaagamaan téh geus kapangaruhan ku Jawa, nu matak teu anéh mun dina ulikannana kana tilu puisi Sunda buhun (Three Old Sundanese Poem, 2006 wedalan KITLV), Noorduyn jeung A. Teeuw merenahkeun Sunda kuna dina pigura ‘Jawa nu leuwih lega’. Deuh, jadi réa pisan kapanasaran téh, angot mun disanghareupkeun kana kanyataan yén réa kénéh sumber-sumber ngeunaan Sunda mangsa bihari nu can kaguar. Nu matak sapuk jeung Mang Nano, uyuhan sakieu gé.
Nu nulis, filolog, digawe di Perpustakaan Nasional R.I.
Selengkapnya......
Diposting ku Urang Naskah 0 komentar
Label: Artikel
Dasaindria
Sepuluh alat indra manusia. Kesepuluh indra itu terdiri dari dua kelompok. Kelompok pertama disebut pancabudi indria terdiri dari srota indria atau indra pendengar (telinga), twak indria atau indra peraba (kulit), caksu indria atau indra pelihat (mata), jihwa indria atau indra pengecap (lidah), dan grana indria atau indra pencium (hidung). Kelompok kedua disebut pancakarma indria, terdiri dari wak indria yang berhubungan dengan perbuatan mulut, pani indria yang berhubungan dengan perbuatan tangan, pada indria yang berhubungan dengan perbuatan kaki, payu indria yang berhubungan dengan perbuatan pelepasan, dan upasta indria yang berhubungan dengan perbuatan kelamin. Dasaindria dikenal masyarakat Sunda sekitar 500 tahun yang lampau, tercantum dalam naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesiyan (1518).
Dikutip dari Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, dan Budaya (2000). Jakarta: Pustaka Jaya.
Selengkapnya......
Diposting ku Urang Naskah 0 komentar
Label: Ensiklopedi Naskah Sunda
Darmapitutur
Bagian kedua naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian. Berisi pengetahuan umum yang seyogianya diketahui orang banyak. Dimulai dengan semacam "pengantar": Demikianlah kita manusia ini. Bila ingin tahu sumber kesenangan dan kenikmatan, ingat-ingatlah kata Sang Darmapitutur. Maksudnya, demikianlah bila kita akan bertindak, janganlah salah mencari tempat bertanya. Pengantar itu kemudian diikuti dengan berbagai keterangan yang meliputi kehidupan flora, fauna, cerita, lagu, permainan, carita pantun, lukisan, hasil tempaan, ukiran, masakan, kain, agama dan darigama, perang dan siasat perang, mantra dan jampi, puja dan sanggar, perhitungan waktu, pustaka, kesempurnaan negara, cara mengukur tanah, pelabuhan danpelayaran, harga, kehidupan para dewa, dan bahasa yang digunakan.
Setiap bidang mempunyai ahlinya masing-masing, yang mungkin orang mungkin bukan. Jika ahlinya itu orang, memang demikianlah adanya. Jika bukan orang, yang disebut ahli itu pada dasarnya adalah makhluk yang pasti tahu dengan lebih baik daripada orang kebanyakan. Demikianlah, bila ingin tahu tentang taman yang jernih, danau berair sejuk, tanyalah angsa; bila ingin tahu isi laut, tanyalah ikan; bila ingin tahu isi hutan, tanyalah gajah; bila ingin tahu harum dan manisnya bunga, tanyalah kumbang. Semuanya dapat diartikan agar tidak salah memilih tem-pat bertanya.
Dalam pada itu, orang atau ahli tempat bertanya itu terdiri atas mémén (dalang), paraguna, hempul, prepantun, lukis, panday, marangguy, hareup catra, pangeuyeuk, pratanda, hulu jurit, brahmana, janggan, bujangga, pandita, ratu, mangkubumi, puhawang, citrik byapara, wiku paraloka, dan jurubasa darmamurcaya.
Dalang adalah orang yang mengetahui semua cerita, yaitu cerita-cerita Damarjati (Darmajati), Sanghyang Bayu, Jayaséna, Sedamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma (Korawasrama), Bimasorga, Ranggalawé, Boma, Sumana (Sumanasantaka), Kalapurbaka, Jarini, dan Tantri.
Paraguna adalah orang yang mengetahui berbagai macam lagu, yaitu kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalaguan, kawih panyaraman, kawih sisindiran, pererane, peureud eurid, kawih babahanan, kawih bangbarongan, kawih tangtung, kawih sasambatan, dan kawih igel-igelan.
Hempul (ahli "permainan rakyat") dapat menerangkan dengan baik berbagai jenis permainan, misalnya ceta maceuh, ceta nirus, tatapukan, babarongan, babakutrakan, ubang-ubangan, neureuy panca, muni¬keun lembur, ngadu lisung, asup kana lancar, dan ngadu nini.
Dalam pada itu prepantun sebagai ahli carita pantun dapat dimintai keterangan mengenai carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, dan Haturwangi.
Lukis sebagai ahli lukisan dapat menerangkan hal-hal yang berkenaan dengan seni lukis, ter-masuk coraknya, a.l. pupunjengan, hihinggulan, alas-alasan, kekembangan, urang-urangan, memetahan, sisirangan, taruk hata, dan kembang taraté.
Hal-hal yang dapat ditanyakan kepada panday (pandai) adalah berbagai macam perkakas, misalnya pedang, abet, pamuk, golok, péso teundeut, dan keris yang semuanya itu termasuk kelompok genggaman sang prabu.
Di samping itu ada senjata yang digunakan oleh petani, yaitu kujang, baliung, koréd, patik, dan sadap; dan senjata kaum pendeta, yaitu kala katri, péso raut, péso dongdang, pangot, dan pakisi. Setiap kelompok memiliki dewanya masing-masing: kelompok pertama berdewakan raksasa karena senjata itu digunakan untuk membunuh; kelompok kedua berdewakan Detya karena digunakan untuk mencari makan dan minum; dan kelompok ketiga berdewakan Danawa karena biasanya digunakan untuk mengiris.
Jika kita ingin mengetahui berbagai macam ukiran, a.l. dinanagakeun, dibarongkeun, ditiru paksi, ditiru were, dan ditiru singa, maka tempat bertanyanya adalah marangguy yang memang ahli ukiran.
Kembang muncang, gagang senggang, sameleg, seumat sahurun, anyam cayut, sigeji, pasi-pasi, kalangkang ayakan, poleng rengganis, jayanti, cecempaan, paparanakan, mangin haris sili ganti, boéh siang, bebernatan, papakanan, surat awi, parigi nyengsoh, gaganjar, lusian besar, kampuh jayanti, hujan riris, boeh alus, dan ragén pangantén, yaitu segala jenis kain dan coraknya, keterangannya dapat diperoleh dari pangeu¬yeuk sebagai ahlinya.
Dalam pada itu, keterangan yang jelas mengenai bermacam masakan dapat diperoleh dari hareup catra yang ahli masakan, a.l. nyupar-nyapir rara mandi, nyocobék, nyopong konéng, nyanglarkeun, nyarengseng, nyeuseungit, nyayang ku pedes beubeuleuman, panggangan, kakasian, hahanyangan, rarameusan, diruruum, dan amis-amis.
Bagaimana "jenjang" dalam bidang keagamaan? Jika kita ingin mengetahui mengapa acara kalah oleh adigama, adigama kalah oleh gurugama, gurugama kalah oleh tuhagama, tuhagama kalah oleh satmata, satmata kalah oleh surahloka, sedangkan surahloka kalah oleh nirawerah, kita harus menanyakannya kepada pra tanda.
Pengetahuan mengenai siasat perang, a.l. makarabihwa, katrabihwa, lisangbihwa, singhabihwa, garudabihwa, cakrabihwa, suci muka, braja panjara, asu maliput, merak simpir, gagak sangkur, luwak maturut, kidang sumeka, babah buhaya, ngalingga manik, lemah mrewasa, adipati, prebu sakti, paké prajurit, tapak sawetrik, dapat diperoleh dari ahlinya yang disebut hulu jurit.
Pengetahuan mengenai segala macam mantra dapat dipelajari dari brahmana yang dapat menjelaskan apa yang disebut jampa-jampa, geugeuing, susuratan, sasaranaan, kaseangan, pawayagahan, puspaan, susudaan, huriphuripan, tunduk iyem, pararasen, dan pasakwan.
Patah puja daun, gelar palayang, puja kembang. nyampingan lingga, dan ngomean sanghyang yang semuanya merupakan bentuk-bentuk pemujaan di sanggar, keterangannya dapat diperoleh dari ahlinya yang disebut janggan. Sementara itu bujangga yang merupakan ahli dawuh nalika (pertanda zaman) dapat memberikan keterangan mengenai bulan gempa, tahun tanpa tenggek, tanpa sirah, sakala lumaku, sakala mandeg, bumi kapendem, dan bumi grempa.
Dengan menghubungi dan meminta keterangan kepada pandita yang dianggap paling banyak mengetahui isi pustaka, akan diperoleh pengetahuan mengenai darmasiksa, siksa kandang, pasuktapa, padinaan, mahapawitra, siksa¬guru, dasasila, tato bwana, tato sarira, dan tato ajnyana.
Bila kita menginginkan pengetahuan mengenai kesempurnaan di seluruh negara, maka tempat bertanya yang paling tepat adalah ratu. Ia dapat menjelaskan hal-hal yang berkenaan dengan kamulyaan, kautamaan, kapremanaan, kawisésaan. Dalam pada itu, pejabat di bawah raja, yaitu mangkubumi, sangat banyak pengetahuannya mengenai hal-hal yang berhubungan dengan ukur-mengukur tanah, misalnya saja ngampihkeun bumi, masinikeun na urang sajagat, parin pasini, ngadengdeng, maraspade, ngukur, nyaruakeun, nyipat, midana, lamun luhur dipidatar, dan ancol dipakpak.
Puhawang yang sehari-hari hidup bergelut dengan lautan, dapat menerangkan dengan sangat baik hal-hal yang ada kait-hubungannya dengan laut dan pelabuhan, misalnya gosong, gorong, kabua, ryak mokprok, ryak maling, alun agung, tanjung, hujung, nusa, pulo, karang nunggung, tunggara, dan barat daya.
Pengetahuan mengenai berbagai macam harga, misalnya telu sayuta, telu saketi, telu salaksa. telu sariwu, telu satak, telu saratus, telu sapuluh, karobelah, katelubelah, kapatbelah, kalimabelah, kanembelah, kapitubelah, kawolubelah, akan dapat diperoleh dari ahlinya yang disebut citrik byapari.
Pengetahuan terakhir yang disebutkan jenis dan ahlinya, ialah pengetahuan yang berkenaan dengan tingkah dan kelakuan para dewa. Hal-hal yang berkenaan dengan sandi, tapa, lungguh, pratyaksa. putus tangkes, kaleupaseun, tata hyang, tata dewata, rasa carita, kalpa carita dengan ahlinya yang disebut wiku paraloka.
Dalam pada itu, kalau suatu ketika kita "terpaksa" menjadi orang bisu karena tidak dapat bertalimarga dengan seseorang yang berbeda bahasa dengan kita, tidak usah gelisah; kita dapat meminta pertolongan jurubasa darmamurcaya yang memang kasabnya adalah jurubasa darmamurcaya.
Dari uraian ini jelas bahwa ilmu dan pengetahuan orang Sunda di masa lampau erat kaitannya baik dengan kehidupan kemasyarakatan (senjata, masakan, siasat perang, kain, tanah, pelayaran, harga, dan pemerintahan) maupun dengan kehi¬dupan keruhanian, kebudayaan, dan keterampilan (carita pantun, lagu, permainan, lukisan, agama dan parigama, mantra, pemujaan, pustaka, bahasa, kedewataan, dan pertanda zaman).
Jika dilihat bahwa lebih banyak pengetahuan yang berkenaan dengan segi kehidupan kerohanian disebutkan dalam naskah itu, barangkali dapat juga dipertimbangkan untuk menduga bahwa nampaknya orang Sunda di masa lampau lebih mementingkan pengetahuan kerohanian dan kebudayaan daripada pengetahuan kemasyarakatan yang praktis.
Dikutip dari Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, dan Budaya (2000). Jakarta: Pustaka Jaya.
Selengkapnya......
Diposting ku Urang Naskah 0 komentar
Label: Ensiklopedi Naskah Sunda
Kai Raga dan Karya-karyanya
Atep Kurnia
PADA tradisi menulis naskah kuno yang ada di tatar Sunda, nama pengarang maupun penyalin adalah sesuatu hal yang langka. Berbeda dengan budaya Jawa yang banyak mengenal nama pengarang dan penyalin seperti Mpu Tantular, Mpu Tanakung, Mpu Sedah, dan Mpu Kanwa, di tatar Sunda hingga saat ini hanya dikenal tiga nama: Buyut Ni Dawit, Sang Bujangga Resi Laksha, dan Kai Raga.
Buyut Ni Dawit adalah pertapa perempuan. Berdasarkan data pada kolofon naskah Sewaka Darma (Kropak 408), ia bertapa di Pertapaan Ni Teja Puru Bancana. Pertapaan ini berada di Gunung Kumbang, yang menurut beberapa keterangan ada di wilayah Priangan Timur.
Sementara Sang Bujangga Resi Laksha menurut kolofon naskah Serat Buwana Pitu (Kropak 636) besar kemungkinan juga se-orang pertapa atau bahkan raja yang mundur dari kerajaannya dan menjadi seorang resi. Naskah Serat Buwana sendiri ditulis di Giri Sunya (Gunung Sunya).
Namun yang penting dicatat di sini adalah peran Kai Raga. Mengapa penting dicatat? Karena sejauh ini, Kai Raga telah menuliskan lebih dari tiga naskah Sunda kuno. Bahkan bisa jadi bertambah banyak lagi, mengingat naskah-naskah Sunda kuna yang belum diteliti banyak. Hingga kini 50-an naskah Sunda kuna yang ada di Perpustakaan Nasional dan Kabuyutan Ciburuy, Garut, masih belum tergarap.
Kamis, 03 Juni 2010
Kamis, Juni 03, 2010
No comments
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar